|
Ditulis ku Rochajat Harun
|
|
Salasa, 05 Agustus 2008 |
|
Aya bewara dina koran Pikiran Rakyat (PR), poe Senen tanggal 3 Agustus 2008 halaman hiji nu netelakeun yen barang kuno kayaning 500 naskah kuno jeung barang pusaka saperti keris, kujang asal Cirebon dilelang rek dijual ku nu bogana nyeta Nyimas. Cenah geus ditawar ku urang Malaysia harga hijina Rp 300.000,- Ningal dina jumlahna duit nu bakal katarima tangtu mani gede naker. Kurang leuwih kana 150 juta. Lain duit leutik-leutik. Hal ieu diuningakeun ku bapa Tedi Permadi, salah saurang filolog ti UPI (Universitas Pendidikan Indonesia) ka koran PR dina sela-sela mayunan “Simposium Internasional Pernaskahan Kuna Nusantara XII” nu bade diayakeun di Bandung. Bewara ieu, tangtos tiasa nimbulkeun kaprihatinan warga Jawa Barat, utamana para inohong kulawadet urang Sunda nu hayang jeung tetep micinta sareng ngamumule titinggal karuhunna. Sababaraha waktos kapengker kantos pribados nyerat dina koran PR, oge koran basa Sunda Galura, nu netelakeun kirangna perhatosan pamarentahan satempat kana barang-barang karuhun kalebet candi-candi titinggal karajaan buhun Pajajaran. Diantawisna patilasan karajaan di Kawali, situs Cimende di Bandung, situs di Bogor, Garut, Cirebon, Subang sareng sajabina. Malahan pribados ge kantos ngintunkeun bewara sarupi kitu teh kana Internet. Seueur nu masihan komentar, pajar cenah kunaon atuh nya bet kirang perhatosan ti pamarentah. Benten sareng propinsi lain. Naha uga Sunda pajah ”Pajajaran Tinggal Ngaran” teh tos ngawitan katangar? Sakumaha nu tos dihaleuangkeun ku Nenden Dewi Kania, juara pasanggiri tembang sunda Cianjuran. |
|
Terusanana...
|
|
|
Ditulis ku Mang Jamal
|
|
Juma'ah, 01 Agustus 2008 |
|
(Dimuat di Cupumanik bulan Maret 2008) Alam dunya nu éndah ieu dicipta ku Pangeran. Kusabab diciptana ku Pangéran, tangtu rupa atawa wanguna hadé jeung sampurna. Kasampurnaan alam ieu sok dipaké pikeun siloka kaasup dina babasan jeung paribasa. Karancagéan kolot baheula enggoning ngarumuskeun jurus pikeun nyanghareupan hirup jeung kahirupan, salah sahijina dina wangun babasan jeung paribasa, sawaréh dijieun ku cara siloka nu nginjeum ti kaayaan alam éta. Model atawa rupa suhunan imah vernakular di Tatar Sunda make conto alam, boh manuk boh mangrupa sato. Diantarana ranggon –ti manuk ranggon; julang ngapak, badak heuay, tagog atawa jogo anjing, jeung galudra ngupuk. Cara niru ka alam oge aya dina ngagambarkeun kageulisan hiji wanoja, ditataan maké rupa nu aya di alam bari ditambahan sangkan jentre: angkeut endog sapotong, ramo pucuk eurihan, lambéy jeruk sapasi, halis ngejelér paéh, cangkéng lenggik nanding papanting, taar teja mentrangan, damis kuwung-kuwungan, bitis héjo carulang, jst. Jadi kageulisan atawa kaendahan dirupakeun tina kombinasi rupa nu aya di alam. Malah sangkan leuwih afdol, simbol tina rupa alam dijentrekeun jeung kaayaananana pikeun mastikeun nu dimaksud kalayan sampurna. Saperti dina ngagambarkeun gado, nu geulis mah disebutna oge angkeut, nu hade diibaratkeun ku rupa endog tapi kudu sapotong. halis istri nu geulis kudu siga jelér paéh, da mun jelérna hirup mah duka kumaha rupa halis teh. Jadi sangkan ngajepatna hade, teu usik teu malik luhureun panon, nya dipaehan heula tah si jeler teh! |
|
Terusanana...
|
| |
|
Ditulis ku Dédé Kosasih*
|
|
Rebo, 30 Juli 2008 |
|
(ieu makalah dipidangkeun dina Salawa Pusat Studi Sunda, Jumaah - 9 Méi 2008) PurwawacanaToponimi ditilik tina jihat etimologis asal tina topo nu hartina tempat jeung nimi nu hartina ngaran. Jadi, sacara terminologis toponimi téh ngandung harti panataan ngaran-ngaran patempatan. Nurutkeun kajian folklore, toponimi téh séké sélér tina élmu onomastika (onomastics), anu ulikanana ngawengku di antarana baé: méré ngaran jalan, ngaran atawa jujuluk jalma, ngaran kadaharan, ngaran bubuahan kaasup asal-usul (legénda) ngaran hiji tempat dumasar kana ‘sajarah’ ngajanggélékna. Nataan ngaran tempat tangtu bakal loba rambat kamaléna lantaran ngajujut ngaran tempat mah teu cumpon ku nyawang ngan tina salah sahiji aspék baé. Nya sawadina kudu dijujut deuih rupa-rupa informasi nu nyampak disatukangeun kaayaan éta tempat. Kumaha pakuat-pakaitna antara ngaran tempat jeung éta informasi? Ngaran patempatan téh bisa baé ngarepresentasikeun kaayaan nu sabenerna. Najan dina émprona mah mungguh éta ngaran téh teu parok jeung kaayaan nu sabenerna. Parandéné kitu, éta ma’na nu dikandung téh da esensi nu sabenerna lain ngan ukur sakadar artikulasi.
|
|
Last Updated ( Rebo, 30 Juli 2008 )
|
|
Terusanana...
|
| |
|
|
<< Mimiti < Méméh 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 Lajeng > Tungtung >>
|
| Hasil 1 - 4 of 353 |